Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

Maling Hayam Jeung Panganten

Kali ini gw mau posting cerita sunda, yang gak ngerti bahasa sunda punten weh nya hehehe...
Oke cekidot kejedot!!!

Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ulik ka katuhu jeung kak kenca, ngaler ngidul jeung kulon. tuluy kateyep ngadeukeutan ka hiji imah panggung. maklum di kampung mah masih keneh loba imah panggung, jeng biasana kolong imah teh sok di jieun kandang hayam, kandang entog, kandang kelenci pokok na mah kolong imah teh sok di jieun kandang inguan anu manfaat keur kulawargana. multi level meureun nya ayeuna mah istilah na teh.

Tah, si maling teh ceritana rek maling hayam, rarencepan muka panto kandang bari jeng dugdag degdeg da sieun kadengeeun ku nu boga imah. Barang keur muka kandang ngadenge aya sora awewe
"kang...tos dibuka..."
si maling ngagerendeng na hatena "Du!, nyahoeun aing muka panto". Si maling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirah na ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe
"duh.. kang, tos lebet nya?!" Sorana rada tarik, si maling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah! Nyahoeun aing rek maling hayam!"
Padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon, da puguh ker sasonoan. Maklum masih pangantenan

Isukna si maling jualan bonteng di pasar, kabeneran si panganten oge indit kapasar. Pas liwat ka tukang bonteng, awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pok na teh "kang, siga nu wengi nya?!" maksudna kana bonteng.
Tapi tukang bonteng ngagebeg hatena , rey beungeut na ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun di tewak hatena baceo "duh...bener-bener nyahoeun ka aing"
Padahal si awewe mah ngomong kitu teh ka nu "boga" salakina

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar